اللهم صل على سيدنا محمد
واله وصحبه وسلم وبارك عليه
Kaum muslimin muslimat
Hayu urang ningkat taat
gura giru urang tobat
tina dosa jeung ma'siat
Hayu urang ningkat taat
gura giru urang tobat
tina dosa jeung ma'siat
Alam dunya eukeur geunjleung
Ku panyakit matak keueung
Virus Corona keur mangkreng
nyebar alahbatan wereng
Ku panyakit matak keueung
Virus Corona keur mangkreng
nyebar alahbatan wereng
Ulah geumpeur, tetep tenang
Tapi ulah nganggap gampang
Bisa jadi virus nyerang
Upami Alloh miwarang
Tapi ulah nganggap gampang
Bisa jadi virus nyerang
Upami Alloh miwarang
Kukituna pek caketan
Alloh anu Maha Rohman
Usaha batin sarengan
Ku ngajaga kasehatan
Alloh anu Maha Rohman
Usaha batin sarengan
Ku ngajaga kasehatan
Mun pareng rek udar ider
Boga wudhu masing angger
Dicadar tawa dimasker
Awak sehat, cageur bageur
Boga wudhu masing angger
Dicadar tawa dimasker
Awak sehat, cageur bageur
Mun urang di zona aman
Sholat Jum'at pek lakonan
Kitu deui pangaosan
Hadir tong loba alesan
Sholat Jum'at pek lakonan
Kitu deui pangaosan
Hadir tong loba alesan
Kecuali Zona merah
Tempat darurat ku wabah
MUI masih pituah
Pek berjamaah di imah
Tempat darurat ku wabah
MUI masih pituah
Pek berjamaah di imah
Pamarentah ngabejaan
Lamun bubar ririungan
Ulah poho cuci tangan
Make sabun walatraan
Lamun bubar ririungan
Ulah poho cuci tangan
Make sabun walatraan
Mugi Gusti ngahampura
Abdi sadar jeung rumasa
Awak bobolokot dosa
nu matak datang bencana
Abdi sadar jeung rumasa
Awak bobolokot dosa
nu matak datang bencana
Tidak ada komentar:
Posting Komentar