Desa Sukamukti anu dipikadeudeuh
Gumelar hirup nikreuh ngeureuyeuh
Najan lembur anggang ti puseur dayeuh
Tapi tengtrem jauh tina kariweuh
Gumelar hirup nikreuh ngeureuyeuh
Najan lembur anggang ti puseur dayeuh
Tapi tengtrem jauh tina kariweuh
Lelengkah halu di tuyun ku para kuwu
Diajar lumpat dijajap ku para aparat
Diwuwuh ku dawuh para sesepuh
Dijajap doa ku sadaya para ulama
Diajar lumpat dijajap ku para aparat
Diwuwuh ku dawuh para sesepuh
Dijajap doa ku sadaya para ulama
Ayeuna nincak umur katilu welas
Estu matak waas tur kagagas
Ras emut kanu tos ngantun
Papayung agung anu tipayun
Estu matak waas tur kagagas
Ras emut kanu tos ngantun
Papayung agung anu tipayun
Pa Kasiman, anu bageur tur jalmi heman
Pa Haji Maman, sepuh ageung perhatosan
Pa Haji Yosep, anu pinter rarayna kasep
Ayeuna Pa Budi, anu Soleh tur bear budi
Pa Haji Maman, sepuh ageung perhatosan
Pa Haji Yosep, anu pinter rarayna kasep
Ayeuna Pa Budi, anu Soleh tur bear budi
Sukamukti desa nu mekar
Tambih mukti tambah hegar
Jeung batur sajajar tur kawentar
desa maju ti banjar dugika jabar
Tambih mukti tambah hegar
Jeung batur sajajar tur kawentar
desa maju ti banjar dugika jabar
Detik ieu mangsa milangkala
Rahayat ngumpul manjatkeun doa
Mugi amal ditampi Alloh Taala
Janten tiket lawang sawarga
Rahayat ngumpul manjatkeun doa
Mugi amal ditampi Alloh Taala
Janten tiket lawang sawarga
Tidak ada komentar:
Posting Komentar