Kunaon budak awewe wajib ngaji?
1. Sabab awewe pabeulit jeung urusan hed, nifas, Atawa istihadoh kayaning keputihan atawa lain sajabana anu katangtuan hukum, cara susuci jeung ngajaga najis tawa kotorna eta ngadago kana hukum fiqih anu ngabahas Kana sekelumit urusan eta. Atawa ngait Kana hukum puasa, lebah mana wajib ngodoan puasa bari teu fidyah, Jeung lebah mana teu wajib ngodoan puasa tapi wajib fidyah.
2. Sabab awewe bakal jadi indung, anu tinangtu bakal jadi guru pertama pikeun anak-anakna pikeun dialajar ngaji tur ngawarah akhlakna anu kabehanana ngadago kana kafasitas elmu agama anu dipimilik kunu jadi indungna.
3. Sabab awewe bakal jadi pamajikan pikeun salakina, anu puguh mancen tugas katoa'tan ka salakina pikeun kumawula numutkeun adab-adabana salaku pamajikan ka salakina. Baleg Jeung teu balegna pamajikan eta gumantung kana kanyaho elmu agamana dina bag-bagan rumah tangga.
4. Sabab awewe bakal Jadi ibu rumah tangga di imahna, anu tangtu bakal pakuat pakait Jeung urusan pasakeun, kumaheun, seuseuheun, sapueun, jeung kepeleun. Anu sakabehna eta berkaitan Jeung urusan kanyahona dina bag-bagan toharoh jeung urusan najis. Ulah nepika baju nu sok dipake solat ternyata hukumna mutanajis sabab cara nyeuseuhna salah ceuk agama. Atawa dahareun anu sok di dahar ternyata etage hukumna mutanajis, sabab cara nyucikeun papasakana teu metukan kana katangtuan agama. Komo eta dahareun anu dipasak jadi haram, sabab akad jual beuli bahan pasakeuna teu sah ceuk agama.
Kitu deui pakait Jeung urusan budak Atawa orok anu osok ngompol di Jero Imah, Atawa dikamar Komo Dina tempat anu sok dipake solat. Masing apal ieu awewe Kana titincakan Dina solat.
5. Sabab awewe bakal jadi jadi bendahara anu biasana nyekel Kana duit salakina. Tangtu bakal pakuat pakait Jeung urusan pangabutuh. Maka ulah nepika keuna pamajikan Dina urusan riba, Atawa jual beuli anu fasad Jeung batal akadna ceuk agama.
Atawana bisi resep barang-beuli perkara anu teu pati dipika butuh Jeung teupati gede pimanfa'ateuna. Kitu deui, godaan awewe babari kabitaan kana parabot, baju, tawa perhiasan rajeun miheulakeun kahayang tibatan mikiran pangabutuh jeung bebekelan pikeun usum paceklik. Duit kurang, salaki geus beaak ikhtiarna, akhirna anjuk ngahutang, atuh hirup pakojot Jeung utang piutang.
6. Sabab awewe bakal jadi perhiasan pikeun salakina, tangtu kawajiban awewe eta ngajaga batasan boh Dina cara dangdan, berpakaian atawa boh Dina cara bergaul anu mana salah saeutik lakuna awewe bisa berakibat fatal meunang panglaknat ti Malaikat Jeung Allah SWT.
7. Sabab awewe bakal jadi motivator pikeun salakina. Ka ngaran rumah tangga moal salawasna datar, pasti aya nanjak Jeung muduna. Rajeun rumah tangga di uji ku urusan ekonomi Atawa persoalan laina. Salaku pamajikan kudu apal nempatkeun posisi dirina lebah mana kudu jadi motivator pikeun salakina.
Ari dunya eta perhiasan, saha atuh jalmana anu teu resep Kana Dunya, buktina teu munafek loba pisan manusa anu toh-tohan Kana Dunya, ngan ceuk Rosul sahade hadena dunya, sa resep-resep na dunya, moal Matak ngelehkeun istimewana Awewe anu solihah. Salah sahiji sabab Atawa sareat pikeun ngahontal darojat awewe solihah eta ku nikreh dina jalan ngaji.
Samemeh kaduhung jaga jadi awewe anu poekeun dina agama, sok geura ubiag ka majlis elmu. Ngaraji sing dines ulah sakahayangna.
Mugia ieu seratan manfa'at. Amin ya Allah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar